Assalamualaikum Wr Wb

Wilujeng sumping ka sadayana di blog abdi, mugia aya manfaatna...
.









Kamis, 18 November 2010

Mawar Bodas


Mapay jalan satapap
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang
Hujan angin dor dar gelap
Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing
Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala
Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga

Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang
Teu kasawang ti anggalna

Teu kapikir ti tadina

Lamun bakal nyeri hate

Hoream teu sudi teuing

Mikiran pipanyakiteun

Mikiran pipanyakiteun

Yayan jatnika

tapi geus di gariskeun ti dituna, didieu urang kudu boga carita heula sanajan peurih tapi teu bisa dipungkir
sanajan nyeri tapi eta geus takdir Kuring sadar, jodo mah kagungan gusti jauh teu kudu dibeberik
malah deukeut oge teu kareret mun geus ninggang mangsa na mah bakal datang sorangan urang hirup di dunya? aya nu ngatur Pileuleuyan geulis,....pileuleuyan!!ayeuna kuring rek lumampah jauh ti lembur
sugan bisa? pinanggih jeung kabagjaan ngahontal cita-cita nu tacan laksana.
mugia geulis panggih kabagjaan sareng manehna....


Tidak ada komentar:

Posting Komentar