Assalamualaikum Wr Wb

Wilujeng sumping ka sadayana di blog abdi, mugia aya manfaatna...
.









Jumat, 22 Oktober 2010

Neangan Pijalaneun

MULANG ti pagaweana, Nunu teu luluy muru imahna. Pikirana nu baluweng ti kamarina keneh, maksa sukuna sangkan nyimpang heula ka imah sobatna, Oji.
“Na, bet siga hayam ku cekak! Kunaon maneh teh, Nu?” Can ge Nunu ngecagkeun parabot diukna, geus disantongan manten ku pananya Oji.
“Nyeta puguh Ji, caritana mah uing teh keur baluweng, ieu teh.”
“Jih, na geuning baluweng!? Baluweng teh baluweng kumaha?” Oji cupu-capa kana pesak bajuna. Goloprak, ngaluarkeun bungkusan roko keretek. “Barina ge Nu, selang teuing pipilueun mikiran Bank Century lah. Sing tepi ka botakna ge tah hulu, percaya, moal aya pangaruhna kana bungkus roko mah!” ceuk Oji ditungtungan nyundut rokona. Teuing ka mana leokna congo caritaanana mah.
“Lain kitu, Ji. Ieu mah duarieus yeuh!” Nunu nurut. Milu nyeungeut rokona. Sedot, pelenyun. Haseup mulek. Rohangan imah salin jinis jadi siga di jero pangar.
“Duarius teh, duarius kumaha? Cing atuh bejakeun ka uing. Sugan bisa mantuan!”
“Puguh, nu matak ka dieu ge, sugan di dinya mah boga bongbolongan!”
“Tah geuning. Maneh mah teu poho kana karesep uing… ngabolongan. Hehe! Cing, sok atuh bejakeun, naon nu kudu dibolongan teh?”
“Puguh kieu ieu teh, Ji…” Nunu nyelang heula ngetrukeun tungtung rokona kana biwir asbak. Prul, calacahna marurag. “Ke, tapi meunang mun uing menta cai heula!?”
“Ih, na ieu mah Ki Dulur teh!? Geus menta dipangabonglongankeun, hayoh deuih menta cai!” Omong Oji bari nyerengeh. “Tapi heug lah. Ku uing dipangnyokotkeun. Ngarah beungeut maneh teu cakueum teuing!” pokna deui bari kebat muru dapur. Balik deui teh aya nu milu. Teko nanangkel dina leungeuna.
“Di dinya sok naheur cai oge, Ji?” Bener oge, Nunu jadi meunang piseurieun.
“Sugan nguji ieu mah Ki Semah teh!?” Oji nyantongkeun tulale teko kana gelas. ”Yeuh, Nu. Ti mimiti sasapu, ngepel, nyeuseuh, gegeroh, tepi ka ngejo, seubeuh uing mah! Heueuh, da teu kitu mah rek kumaha deui? Piraku ari budak kudu dititah nebeng dahar di tatangga onaman mah!?”
“Ah, heueuh we. Peupeuriheun pamajikan jauh-jauh neangan duit! Sugan salakina mah nu di lembur, daek-daek ngurus imah atuh. Kitu lin, Ji?”
“Tah geuning pinter maneh teh! Heueuh. Pikiran uing ge tepi tah ka palebah dinya! Enya. Dipikir-pikir mah asa tibaralik hirup teh! Heueuh sorangan, kitu. Ieu mah nyaritakeun uing. Manasina maneh…” ceuk Oji bari ngareret Nunu. Nu direretna mah semu ngabalieur. Ngarasakeun tungtung omongan sobatna nu rada nunjel kana angena.
Meunang sawatara jongjongan, duanana kalah paheneng-heneng. Bangun keur silih teuleuman pikiran jirim nu keur disinghareupanana.
“Eh, enya. Lain tadi teh maneh boga picaritaeun? Cing atuh kumaha?” Oji nu meupeuskeun kasimpe.
“Tapi ieu mah sual pribadi, Ji.”
“Pribadi kumaha? Hartina… uing teu kudu apal?”
“Is, lain kitu, Ji. Pan ceuk tadi ge, nu matak uing ka dieu teh hayang menta bongbolongan.”
“Kumaha atuh?”
Nunu narik napasna. Semu beurat. Bangun enya kasaeur ku bangbaluh jeroeun dadana. “Tapi… kira-kirana di dinya bisa ngarusiahkeunana?” Nunu kalah nanya bari mencrong.
“Sugan eta maneh, percaya teu ka uing?”
**
CACAP nyaritakeun satengah pasualana, Nunu nyelang heula maseuhan tikorona ku cai herang tina gelas hareupeunana. Kebat ngareret Oji. Hayang nyidikeun reaksina. Nu direretna mah katara lir nu keur mikir. Marengan paroman beungeutna nu geus robah ti samemehna.
“Jadi, intina mah salila ieu teh maneh bobogohan jeung Nyi Lilis, anakna Ma Urmi, nu boga warung sangu di parapatan. Bari jeung bobogohanana maneh teh susulumputan. Kitu meureun?”
“Nya kitu tea, Ji. Susulumputan teh iwal ti hareupeun indungna.”
“Tuluy… nu ceuk maneh baluweng, palebah mana tah? Pan meureun ilahar kangaranan lalaki resep ka awewe mah. Tong boro nu kakara sarengseng panon, dalah nu sarengseng padung ge mungkin bae.”
“Sual eta sih ngarti uing oge. Jeung teu jadi bahan pamikiran. Ngan ieu yeuh, Ji…” Nunu ngarandeg heula. Bangun asa-asa rek pok. “Manehna teh keur… gede beuteung.”
“Gede beuteung? Reuneuh maksud maneh teh?” Oji ngarenjag.
“Kitu sabenerna mah, Ji.”
“Ke… ke heula, Nu. Ari maneh apal ti saha mun manehna bener-bener keur reuneuh?” Oji mencrong beungeut Nunu.
“Manehna nyuratan.”
“Maneh percaya? Tuluy… yakin yen maneh nu ngalantarankeunana?”
“Ari saratus peresen mah henteu. Dalah uing teu apal: Naha aya lalaki sejen, iwal uing, nu pernah sare jeung manehna? Ngan nu eces, uing moal rek mungkir, uing memang kungsi.”
Semet dinya, duanana taya nu lemek. Sakedapan pada sibuk dina pikirana sewang-sewangan.
“Kumaha tah, ceuk di dinya, Ji?” Nunu bangun teu sabar hayang geura nyaho pamanggih sobatna.
“Kumaha mun titah digugurkeun?”
“Sual ngagugurkeun mah gampang. Tapi lain eta Ji, masalahna. Manehna teh menta tanggung jawab.”
“Menta dikawin?” Oji ngahuleng. “Nya atuh tong hayang dikawin kituh! Gantian we ku naon? Ku duit, upamana.”
“Saleuheung mun bisa kitu, Ji. Meureun uing ge moal jangar teuing. Isuk pageto ge moal burung ditambruan tah. Ngan eta tea, Ji. Manehna teh keukeuh menta dikawin. Basana ge, keun bae jadi nu kadua atawa nu katilu oge, asal bener-bener dikawin sacara sah! Kitu ceuk dina suratna mah.”
“Ke lanan. Ari memehna aya perjanjian tepi ka dinya henteu?”
“Perjanjian sih euweuh. Ngan ieu tea, Ji. Hate leutik uing yeuh. Uing memang ngaku. Rumasa! Jeung pangpangna mah, paur we kana ancamanana. Bararaid teung ari kudu nyirekem di bui onaman mah! Di dinya ge tangtu ngarti meureun. Sing enya ge susulumputan, tapi pan bukti mah bisa dikorehan. Jeung indungna tangtu apaleun ongkoh.”
“Nya atuh geus we kawin ku maneh! Pan maneh mah tangtu sanggup marabanana, lin?”
“Tah ieu. Lain teu kapikir ku uing ge tepi ka dinya. Tapi pan di dinya ge nyaho sorangan. Kumaha timburuanana pamajikan uing. Tong boro tepi ka kituna, dalah telat balik sapoe ge, wuih, ngawakwakna! Sedeng manehna, enya Nyi Lilis tea, hayang dikawin sacara sah. Meureun nu dimaksudna teh di hareupeun naib. Kudu aya idin ti pamajikan. Jeung ngarah nyaho sarerea we ongkoh!”
“Leupaskeun nu ieu!”
“Beurat, Ji, beurat! Pamohalan tepi ka dinya mah. Lianti karunya ka budak, kumaha keh ceuk mitoha? Atawa ceuk tatangga? Apal sorangan lin, sasat hirup uing mah, enya siga ayeuna, bisa digawe, bisa boga imah, pan lantaran kulawarga pamajikan sareatna mah ta teh!”
“Duka atuh ari kitu mah.” Oji ngaraga meneng. “Tapi najan kumaha bae oge, Nu, ceuk uing mah, kudu we eta mah salah saurangna aya nu jadi korban!”
**
OBROLAN Nunu jeung sobatna teu bisa tepi kana kaputusan. Nunu can bisa manggihan kumaha pijalaneunana geusan kaluar tina karangkeng pasualan nu nguribengan dirina. Pasualan nu dijieun ku dirina sorangan.
Pon kitu, Nunu ngabenerkeun kana caritaan Oji, yen salah saurangna kudu aya nu jadi korban. Mun henteu pamajikanana, nya tangtu Nyi Lilis, ari lain dirina onaman mah!
Sajajalan muru ka imahna, uteuk Nunu uleng deui. Kuar-kuir deui. Neangan jalan sejen nu sakirana lancar disorang. Can kapanggih!
Inget kana surat nu ti Nyi Lilis. Surat teh katarimana kamari. Nyampak geus aya dina pesak calanana. Karampa basa neangan korek api keur nyeungeut rokona, waktu karek turun pisan ti imah Nyi Lilis. Harita teh Nyi Lilisna mah hawar-hawar papadon ti jero imah.
Eusi surat Nyi Lilis memang henteu sacara terang-terangan nuliskeun ngaran ‘Nunu’. Tapi semet ku kecap ‘Akang’. Minangka nu dipenta tanggung jawabna. Najan kitu, pangrasa Nunu, tangtu nu dimaksudna teh nya manehna tea. Manehna nu sakali mangsa teu bisa nyingkahan pangajak setan. Hartina, tina eusi eta surat, taya hal nu pantes jadi bahan pijalaneun.
Ahirna, sanggeus Nunu satekah polah meruhkeun kamampuh uteukna, minangka bukti tina ‘engke kumaha’, behna mah kudu balik kana asal, ‘kumaha engke’.
Tepi ka imahna, Nunu teu loba luak-lieuk. Teu keketrok-keketrok acan. Langsung asup ngaliwatan lawang hareup.
Gebeg, manehna ngarenjag. Kebat ngajengjen dina lawang panto. Panona rut-ret ka nu keur dariuk di patengahan. Nyi Lilis keur papahareup jeung pamajikanana. Dada Nunu ngadadak ratug.
“Tah geuning…!” pamajikan Nunu nu ngalieuk. Dituturkeun ku paneuteup Nyi Lilis sareretan sarta kebat tungkul.
Nunu taki-taki rek nyinghareupan Perang Baratayudha! Gilig harita keneh, salah saurangna kudu aya nu jadi korban! Bari taya kecap nu kedal, gek milu ngariung.
“Na geuning Akang teh kalah ngabueuk?” Sora pamajikan Nunu matak ngageterkeun kekendangan ceulina. “Ieu Nyi Lilis, Kang…” teu kebat. Lir ngahaja nungguan reaksi salakina. Nyi Lilisna mah masih tungkul.
“Ieu Nyi Lilis, saurna bade naroskeun, kumaha serat teh tos didugikeun?”
“Kumaha?” Nunu semu curinghak.
“Ih, ari Akang! Tos didugikeun serat Nyi Lilis ka… saha teh geuning rerencangan Akang, ka Kang Oji?”
”Kumaha? Dedengean teh surat keur si Oji?” Nunu bener-bener curinghak.
”Ih, ari Akang. Akang teh kunaon? Enya, serat Nyi Lilis nu dititipkeun ka Akang, saurna kumaha? Tos dipasihkeun ka Kang Oji?” Pamajikan Nunu nyaritana semu anca.
“Baruk? Jadi surat teh jang si Oji?’ Nunu mencrong beungeut pamajikana. Kebat ngareret Nyi Lilis. Nu direretna mah masih angger. Tungkul!
“Itu geura ari Akang. Panyangki Akang kanggo saha kituh?”
“Ah henteu.” Tembal Nunu meh teu kadenge. Bareng jeung pikirana nu ngabelesat ka tukang. Kamari, waktu apal dina pesak calana aya surat, Nunu inget, Nyi Lilis teh hawar-hawar cacarita ti jero imah nu teu pati jentre kana ceulina. Tadi, waktu ngobrol jeung Oji, Nunu kungsi mireungeuh sorot panona nu beda. Nu teu bisa kahartikeun ku manehna. Kiwari… Nunu ngarasa hanjakal. Kaduhung geus kumawani cacarita ka sobatna, Oji.
Awak Nunu ngolosod. Nambru dina korsi.
Ret deui ka Nyi Lilis. Angger. Tungkul!
“Heueuh, euweuh mangpaatna boga hape oge!”***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar